naon bedana kawih jeung tembang?
B. Daerah
Refyclara
Pertanyaan
naon bedana kawih jeung tembang?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina lalaguan Sunda aya sawatara rupa lalalguan, nyaeta anu disebut kawih, kakawihan jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih jeung kakawihan teh ampir sarua, nyaeta mangrupakeun karya sastra wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan.
Aya 17 rupa pupuh anu dibagi jadi dua kelompok, nyaeta anu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta wawacan jeung guguritan. Wawacan biasana ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung. Sedengkeun guguritan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung jeung Sekar Alit.
Kusabab guguritan jeung wawacan dina ngabawakeunnana sok bari dinyanyikeun make tembang, sagala rupa puisi Sunda anu ngagunakeun patokan pupuh sok disebut tembang. Sanajan rumpaka kawih henteu kaiket ku aturan, dina nyieun kawih aya unsur-unsur atwa lengkah-lengkah anu kudu diperhatikeun jeung dilakukeun sangkan rumpaka kawih alus atawa endah. Unsur-unsur atawa lengkah-lengkah anu kudu diperhatikeun jeung dilakukeun dina nyieun rumpaka kawih nyaet anu ngeunaan tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngadung wirahma, murwakanti jeung gaya basa.