B. Daerah

Pertanyaan

Teangan Harti Kecap-Kecap Dihandap Ieu Larapkeun Kanu Kecap.

1.Pangedulan
2.Mineng
3.Pareng
4.Pancen
5.Rengse
6.Ekol
7.Sangkan
8.Nerap
9.Kalelewih
10.Darya

1 Jawaban

  • Nu perlu dilakukeun sangkan bisa mikawanoh harti kecap jeung larapna dina kalimah nyaeta urang kudu miboga kamus anu bener jeung ngarti kana ragam basa anu bener. Dina Tatakrama Basa Sunda, anu baehula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma.  

    Pembahasan

    Hiji kecap atawa kekecapan biasana miboga ragam basa, aya nu ragam basana boh ragam basa hormat / lemes boh ragam basa loma boh ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Di handap ieu nyaeta harti kecap jeung larapna dina kalimah pikeun kecap kecap nu disebutkeun di luhur:  

    1. Pangedulan hartina sarua jeung males, conto kalimahna "Eta mah pangedulan piraku dahar di tempat sare"
    2. Mindeng hartina sarua jeung remen atawa sering. conto kalimahna "Jang Dedi teh ku kuring oge mindeng dipapatahan, tapi hese, atuda adat kakurung ku iga"
    3. Pareng hartina sarua jeung diijinan ku Allah, conto kalimahna "Mun pareng mah urang teh urang ulin ka Situ Gede"  
    4. Pancen hartina sarua jeung tugas, conto kalimahna "Bud, cing pang nyieunkeun pancen basa Sunda nomor 2"
    5. Rengse hartina sarua jeung beres, conto kalomahna "Saparantos rengse acara simkuring mah teras wangsul"
    6. Ekol hartina sarua jeung alesan nu dijieun jieun, conto kalimahna "Maneh teh ulah sok loba ekol, lamun teu sanggup migawe kudu nyarita atuh"
    7. Sangkan hartina sarua jeung supaya, conto kalimahna "Sangkan pinter, hidep kudu rajin diajar"
    8. Nerap hartina sarua jeung keuna, conto kalimahna "Maneh mah dipapatahan teh teu nerap siga cai dina daun taleus"  
    9. Kaleuleuwih hartina sarua jeung di luar bates, conto kalimahna "Ari heureuy teh ulah sok kaleuleuwih"
    10. Daria hartina sarua jeung bener bener, conto kalimahna "Nempo Jang Dedi mah sok resep, digawena teh sok daria"

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : III

    Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Bab : 8

    Kode : 3.13.8

    Kata Kunci : Harti kecap jeung larapna dina kalimah

Pertanyaan Lainnya