Naon hartina gaya basa lalandian si geureuleung
B. Daerah
WindaAgustinaAl
Pertanyaan
Naon hartina gaya basa lalandian si geureuleung
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina basa Sunda aya sababaraha rupa gaya basa, nyaeta saperti gaya basa ngupamakeun atawa sok disebut gaya basa simile, gaya basa mijalma atawa sok disebut gaya basa personifikasi, jeung gaya basa lalandian atawa sok disebut oge gaya basa metafora.
Gaya basa lalandian nyaeta gaya basa anu ngebrehkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara mere panglandi. Conto gaya basa lalandian nyaeta saperti "si geuereuleung". Anu dimaksud "si geuereuleung" teh mangrupa panglandi pikeun juru kawih anu sorana lepas, gancang, tur lancar kawas nu ngageureuleung.