Sebutkeun kawih-kawih anu temana kaendahan alam minimal lima judul!
B. Daerah
dika781
Pertanyaan
Sebutkeun kawih-kawih anu temana kaendahan alam minimal lima judul!
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu rumpakana henteu pati kaiket ku aturan. Rumpaka anu aya dina kawih, umpama ditilik, oge mangrupakeun karya sastra wangun puisi. Dina lalaguan Sunda aya sawatara rupa lalaguan, nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih jeung kakawihan mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.
Sanajan kawih teu pati kaiket ku aturan, saperti aturan pupuh anu ngiket tembang, dina rumpaka kawih aya sawatara unsur anu bisa diguakeun pikeun nilik atawa nganalisa rumpaka kawih. Unsur-unsur anu aya dina rumpaka kawih nyaeat unsur jejer atawa tema, unsur nada jeung suasana, unsur rasa, jeung unsur amanat.
Tema atawa jejer kawih nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Nada kawih nyaeta sikep anu nulis rumpaka kawih anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca kawih. Rasa kawih nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kawih. Amanat kawih nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang dtepikeun ku anu ngahaleuangkeun kawih atawa anu ngarang kawih ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kawih.
Dina nilik unsur tema, henteu ngan saukur nilik kana kekecapan anu aya dina rumpakana, tapi kudu bener-bener ditilik ngeunaan naon hal poko anu aya dina kawih. Kawih bisa sarua saperti sisindiran, nyaeta aya bagen cangkang jeung bagean eusi. Maksudna, saperti dina kawih Es Lilin, sanajan aya kekecapan anu ngeunaan kadaharan, nyaeta es lilin, tema tina kawih Es Lilin lain ngeunaan kadaharan, tapi ngeunaan cinta atawa asmara.
Jadi kekecapan kadaharan anu dina kawih Es Lilin ngan saukur "cangkang", sedengkeun "eusina" mah kawih Es Lilin teh ngeunaan cinta atawa asamara. Kitu oge dina kawih anu temana kaendahan alam, loba kawih anu miboga kekecapan ngeunaan kaendahan alam, tapi umpama ditilik leuwih jero, eta tema kawih teh loba anu ngeunaan cinta. Kawih Sunda anu temana ngeunaan kaendahan alam nyaeta saperti kawih Alam Priangan, kawih Angin Priangan, kawih Tanah Sunda, kawih Babakan Siliwangi, jeung kawih Burangrang.