.Sebutkeun kawih-kawih anu temana kaendahan alam minimal lima judul!
B. Daerah
dika781
Pertanyaan
.Sebutkeun kawih-kawih anu temana
kaendahan alam minimal lima judul!
kaendahan alam minimal lima judul!
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina nilikan kawih anu temana kaendahan alam, kudu bener-bener ditilik naon anu jadi poko anu ngajiwaan eusi hiji kawih. Sabab aya oge kawih anu kekecapanana ngeunaan kaendahan alam, tapi umpama ditilik leuwih jero bisa jadi eta tema kawih teh lain ngeunaan kaendahan alam, tapi ngeunaan cinta.
Kitu oge pikeun tema-tema anu lianna. Saperti dina kawih Es Lilin, umpama ditilik rumpakana, eta kawih Es Lilin teh eusi rumpakana miboga kekecapan anu ngeunaan kadaharan. Tapi umpama ditilik leuwih jero deui, sabenerna mah tema kawih Es Lilin teh lain ngeunaan kadaharan, tapi ngeunaan silihasih atawa cinta.
Umpama nilik rumpaka sababaraha kawih anu aya, kawih-kawih anu temana ngeunaan kaendahn alam nyaeta saperti kawih Angin Priangan, Alam Priangan, Tanah Sunda, Bandung Lembang, jeung kawih Laut Kidul. Naon anu disebut kawih teh?. Dina seni Sunda, aya sababaraha rupa lagu, nyaeta kawih, kakawihan, jeung tembang.
Umpama ditilik tina rumpakana, kawih jeung kakakwihan mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Sanajan kawih henteu pati kaiket ku aturan, dina kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nganalisa atawa nilik rumpaka kawih.
Unsur-unsur anu aya dina kawih nyaeta tema atawa jejer, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat. Tema nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Nada nyaeta sikep anu nulis rumpaka kawih anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca kawih. Rasa nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kawih. Amanat nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang dtepikeun ku anu ngahaleuangkeun kawih atawa anu ngarang kawih ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kawih.