kumaha lamun jalma teu boga tata kerama
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Lamun jalma teu boga tatakrama nyaeta sarua hartina jeung jalma anu teu taat kana aturan. Tapi henteu sakabeh aturan kaasup kana tatakrama, saperti aturan hukum henteu kaasup kana tatakrama. Anu kaasup kana tatakrama nyaeta saperti etika, contona etika tingkah laku jeung etika dina nyarita atawa ngagunakeun basa. Jadi, lamun jalma teu boga tatakrama balukarna bisa ngaganggu hubungan sosial eta jalma jeung jalma lianna, saperti bakal dijauhan, dipikakeuheul atawa diseungseurikeun ku batur .
Pembahasan
Dina basa Sunda etika ngeunaan basa disebutna Tatakrama Basa Sunda atawa anu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda. Dina Tatakrama Basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Dina Ragam Basa Hormat / Lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur.
Pelajari lebih lanjut
Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Adat Di Palemburan
Bab : 2
Kode : 9.13.2
Kata Kunci : Lamun jalma teu boga tatakrama